Langsung ke konten utama

WACANA SUNGKEMAN WISUDAAN TEKPEND APRIL 2009

WACANA SUNGKEMAN PARA WISUDAWAN/WISUDAWATI APRIL 2009

Dikarang ku : ncislam4ever

BUBUKA

Bismillah nujadi wiwitan,

Nujadi sekar pangiring catur pamuka carita dina ieu mangsa,

Sangkan jadi tarate hate malati ati,

Sangkan jadi pangeumat aworna kedal ucap jeung amal,

Kalayan diwuwuh kecap alhamdu,

Numangrupa tawis syukur ka Allah nu maha ghofur,

Sangka jadi penyinglar ria jeung sum’ah nu pasolengkrah dina bayah,

Nu sok ngareumpeukan tembusna cahaya kudus kana kalbu,

Nu mindingan jorelatna teja Al-quran kana manah,

Hamo lanca linci luncat ulah udar tina tali gadang,

Teu kalangkung salawat sinareng kasalametan

Mugi tetep angger ngocor ngagolontor ka kanjeng nabi anu mulya,

Nu jasana tos ngabukti disakuliah dunya,

Wastana nabi yana wahabi bana Muhammad saw,

Oge mugi teu kalangkung antawis kaluargana,

Sohabatna, tabi’in it bau’ tabiinna

Malah mandar urang salaku umatna

Geusan menang safa’atul uzma jaga diyaumil qiyamah,

Amin…

WACANA SUGKEMAN

TI ANU D ISTRENAN (wawakil ti anu diwisuda, pameget sareng istri)

Cunduk waktu nu tuhu, niti wanci nu mustari,

ninggang mangsa nu pasti ka sorang,,,

Balebat ti belah wetan sineret ka belah kulon,,

waktos nu teu karaos, mangsa nu teu karasa,

4 taun sasarengan, dina kancah candra dimuka,

ayeuna geusan papisah,,

matak nyeblak kana manah,

matak nyeredet hate,

matak ngeclak ci soca,

upami abdi ngemut mangsa katukang,

sok emut ku paribasa

aya patepang pasti aya papisah,

aya papenak aya papirak,

geuning wanci nu diantos parantos dongkap,

geuning waktu nu ditungguan tos dugi,

sok sanaos hate hese mopohokeun,

pirang-pirang kagumbiraan sawanci sasarengan,

sok sanaos raga teu hayang mulang ti ieu patempatan,

ka emut mangsa keur suka bungah babarengan,

kabayang dina lamunan waktu urang sasarengan,

mung dalah dikumaha, takdir nu teu tiasa dipungkir,

kodrat nu moal biasa reumpak,

akhirna urang kedah paturay,

salam gupay pileuleuyan,

Rama,,,, Biang,,,,

Abdi seja sungkem ka rama sareng ka biang,

Abdi seja nyuhunkeun ridho sareng restu ,

Seja nyhunkeun dihampunten tina saban kalepatan,

Lepat pamolah, lepat lampah, lepat ucap tur sikap,

Mugi rama kalih Biang ridho galih ngahampura,

Sok sanaos abdi terang kanyaah sepuhmah teu kedah dipenta,

Abdi terang sabar tur tawakalna rama kalih biang dina ngatik ngadidik, ngajaring abdi sadaya,

Nuntun ku elmu nu luhung, nyangcang ku tamang kaiamanan sareng kataqwaan anu kuat tur salmina moal pernah pegat,

Abdi seja ngahaturkeun nuhun laksaketik kabingahan,

Wireh alhamdulillah ku pangatik, pangriksa, oge kanyaah Rama sareng Biang, dina ieu abdi bade miang nuluykeun lalampahan,

Nu tos kasawang di mangsa katukang,

Seja ngabdi, ngabuktikeun pangarti di ieu nagri,

Seja ngamalkeun elmu sareng kabisa pikeun kamaslahatn manusa,

Mugi langkah abdi sadaya baris pinuh kalancaran, kagampangan, lungsur-langsar taya panghalang,

Rama biang,,,,,

Mugi rido galihna kango ngajajapkeun abdi ku doa’,

Nganteurkeun abdi ku kanyaah,

Pang hiapkeun ku kadeudeuh,

Sangkan abdi jadi jalmi nu ngabakti, amin…

PANAMPI SUNGKEM TI DOSEN,

Anaking….

Geura muji syukur ka gusti nu ngawidian anjeun rengse nyiar elmu di ieu tempat, bral miang tandang makalangan di ieu alam pamidangan,

Tong hariwang tong salempang,

doa ambu sareng abah pasti salamina marengan,

jug lumampah, ku hate anu bungah,

geura ngabaki ka nagri,

jadi pejoang sajati,

tong risih, tong keueung,

salami Gusti ridho tangtu sadayana baris aya dina kababarian,

Anaking,,

titip ti abah sareng ti ema,,

tong boga rasa mokaha,

pedah aing uyah kidul,

pedah aing pangbisana,

pedah aing geus jadi sarjana,

omaaaat,,,tong boga rasa adigung,,,

margi adigung mangrupa jalan kana kasangsaraan,,,

Omat anaking,,,

anjeun kudu ngabakti ku hate anu bersih,,,

ikhlas tur pinuh kayakinan, Allah pasti marengan…

anjeun kudu wani, anjeun kudu siap tur sigap,

dina nyingharepan rupa-rupa cobaan kahirupan,,,

Sing inget,,,!

Teu gampang,, nyorang jalan kahirupan teh,,

Jiga urang keur nyelah prahu ditengah laut,,

Kirang-kirangna urang kiat nyangharepana,

Mangka tangtu bakal tikelebuh,,,

Kudu ati-ati,,,

Tong gampang kapangaruhan ku hal anu can puguh,

Tong barbarian ku hal anu can jelas,,,,

Kudu pinuh ku itungan,,,

Mugi kabagjaan baris anjeun hontal,,,

Mugi kajayaan baris anjeun rasakeun,,

Mugi kamulyaan baris anjeun keukeupan salamina..

Aminn

Bral geura miang,,,

Geura hontal sagala cita-cita nu dipiharep kuanjeun,,,

Komentar

Postingan populer dari blog ini

TANYA JAWAB TENTANG KURIKULUM

Ence Surahman (0800201) Mhs. Konsentrasi Pendidikan Guru TIK Jurusan Kurikulum dan Teknologi Pendidikan Fakultas Ilmu Pendidikan Universitas Pendidikan Indonesia Bandung 1. Dari penelusuran saudara mengenai pengertian kurikulum dari berbagai sumber, jawablah pertanyaan berikut ini dengan tepat: a. Jelaskan dimensi-dimensi pengertian kurikulum yang saudara ketahui! Dalam buku Kurikulum dan Pembelajaran yang disusun oleh tim dosen MKDU Kurikulum Pembelajaran, dan juga dari berbagai artikel-artikel di internet yang membahas tentang dimensi-dimensi kurikulum, dapat saya tuliskan sebagaimana berikut ini: 1. Dimensi kurikulum sebagai suatu gagasan (Ide), mengandung makna bahwa kurikulum adalah sekumpulan ide yang akan dijadikan pedoman dalam pengembangan kurikulum selanjutnya 1, saya tambahkan bahwa yang dimaksud kurikulum sebagi ide itu adalah dalam termuat maksud bahwa kurikulum berdasarkan hasil penelitian, analisis, pengamatan dan pengalaman sebagai sumber gagasan dan pemiki

Tanya Jawab Seputar Inovasi Pendidikan

By: Ence Surahman 1. Jelaskan pengertian; Invensi, diskoveri dan inovasi dengan contohnya masing-masing! Jawab: Invensi adalah suatu penemuan yang benar-benar baru hasil kreasi manusia. Contohnya penemuan dalam bidang pendidikan, meliputi teori-teori belajar, atau penemuan hasil ilmu pengetahuan dan teknologi. Misalnya komputer dalam membantu memudahkan aktivitas manusia. Diskoveri adalah suatu penemuan sesuatu yang sebenarnya benda atau hal yang ditemukan itu sudah ada, hanya belum diketahui orang. Contohnya penemuan benua, pada dasarnya benuanya sudah ada, hanya baru ditemukan oleh seseorang dan baru dipublikasikan. Atau penemuan palung laut yang terdalam, sebelumnya palung itu sudah ada. Namun karena belum ditemukan jadinya belum diketahui khalayak dan setelah ditemukan barulah bisa diketahui oleh orang banyak. Inovasi adalah suatu ide, barang, kejadian, metode yang dirasakan atau diamati sebagai suatu hal yang baru bagi seseorang atau sekelompok orang (masyarakat),

SOAL DAN JAWABAN UJIAN AKHIR SEMESTER MATA KULIAH MODEL-MODEL PEMBELAJARAN

DIJAWAB OLEH: ENCE SURAHMAN (0800201) MAHASISWA SEMESTER IV KONSENTRASI PENDIDIKAN GURU TIK  PROGRAM STUDI TEKNOLOGI PENDIDIKAN TAHUN AKADEMIK 2010   SOAL DAN JAWABAN.  1. Proses pembelajaran yang menggunakan model pembelajaran berbasis masalah dapat mendorong dan membentuk kemampuan siswa dalam menyelesaikan permasalahan secara berpikir ilmiah serta menanamkan tugas saudara, Jelaskan model pembelajaran apa ( dapat lebih dari satu) yang dapat membentuk kemampuan siswa tersebut, dikaji dari) 1. Konsep, 2, karakteristik dan filsafatnya 4, tingkat (usia) berapa tahun sebaiknya siswa menguasi kemampuan tersebut Jawaban: Model-model pembelajaran yang dapat melatih kemampuan berpikir ilmiah siswa. a. Model pembelajaran berbasis masalah (PBM)/ (Learning Basic Problem Model) Pembelajaran berbasis masalah adalah pola pembelajaran individu yang menuntut individu itu untuk mengembangkan kemampuan dirinya dalam menggunakan intelegensinya untuk memecahkan masalah yang bermakna, relevan dan konste